ki sabeulah
KI SABEULAH.
Djaman baheula aja hidji djělěma ngaranna Ki Sabeulah.
Eta Ki Sabeulah, katjaritakeun, kaliwat langkoeng sangsara, nalangsa djeung awěrat, koe sabab dibedakeun djeung batoer.
Ari batoer-batoer djědjěg awakna, ari aing ngan sabeulah", pokna Ki Sabeulah.
Geus kitoe, semproeng leumpang beurang-peuting, ari losna ka wetan, sědjana rek něda dipangdjědjěgankeun awak ka srangenge, sabab eta noe pangkawasana.
Emo etanol Ki Sabeulah: koe srangenge boeana pantja tengah, satangkěbing boemi satangkěling langit katjaängan kabeh, noe matak rek něda dipangdjědjégkeun awak ka panon poë, euweuh deuj noe kawasa sadjabaning ti srangenge.
Barang geus kitoe, toeloej Ki Sabeulah ngadeuheusan ka panon poë.
Teu katjaritakeun di djalanna, ngan katjatoerkeun geus dongkap bae ka srangenge Ki Sabeulah.
Ari saoer panon poë: „eb, Ki Sabeulah".
Djawabna Ki Sabeulah: „noen, soemochoen kaoelaneen goesti, djisim abdi noe matak marěk ka goesti, sabab henteu aja deui noe kawasa sadjaba ti goesti. Boeana pantja tëngalı koe goesti katjaängan sadajana, kitoe noe mawi ka goesti djising abdi něda dipangdjědjēgankeun awak, karana djisim abdi teh teu kadoega těpoeng djeung pada bangsa, margi ari batoer-batoer djědjeg, ari djisim abdi ngan sabeulah; ajeuna kõdah dipang-djědjēgankeun nja awak, kaoelanoen".
Wangsoelna panon poë: „elı, Ki Sabeulah, kaoela teu sanggoep karana aja deui noe kawasa sadjaba ti kaoela nja eta anoe ngaranna ki reučuk. Enja boeana pantja tengah koe kacela katjaängan kabeh, tapi lamoen datang ki reučuk mah
Komentar
Posting Komentar